Loading...

Blog Guru

SAJAK & LAGU KAULINAN BARUDAK

DURIAT BEJAD

Hirup teh durang duraring
hirup teh uring - uringan
hirup teh tatarucingan 
hirup teh uing - uingan

Polah jalma ieung saha nu terang 
sanajan caang ku neon
kumelendang di pawenangan
ngumbar hirup kokomoan... kokomoan

karalang - kuriling cingogo di Basisir
sumpar - sampeur semu riweuh 
sugan aya kapal layar
ceuk beja aya nu herang
bentang lembur pabuaran
nunggeulis kabina - bina
widadari ti Ramayana

aeh.. duriat bejat 
moreleng bebende batur
ngumbar godob keur sorangan
lir Rahwana ngarebut Shinta

ceuk beja duriat bejad 
lalakon jalma nu weureu 
kabura para denawa
teu kaop aya gogoda


Oleh Habib Apri Hermawan, S.Pd
Diupload : Senin, 3 November 2025, pukul 14:12:14